-->

Iklan

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 6 7 8 9 10 11 12 Pengajaran 1 Komunikasi Dina Pakumbuhan

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 halaman 6, 7, 8, 9, 10, 11, 12 Pamekar Diajar Bahasa Sunda tepatnya pada materi pengajaran 1 Komunikasi Dina Pakumbuhan di buku siswa. Silahkan kalian pelajari materi pengajaran 1 kelas 4 SD/MI mulai dari halaman 6 sampai dengan 12 secara lengkap.

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 halaman 6 7 8 9 10 11 12 Pamekar Diajar Bahasa Sunda materi pengajaran 1 Komunikasi Dina Pakumbuhan.

Kunci Jawaban Bahas Sunda Halaman 6

Pék ku hidep jawab!

1. Kumaha kaayaan di buruan masjid dina soré harita?

2. Naon waé anu dipigawé ku Galih sanggeusna mandi?

3. Kudu kumaha mun urang geus ngadéngé adan magrib?

4. Naon eusi pupujian anu dikawihkeun saméméh solat?

5. Ari pupujian sanggeusna solat medar ngeunaan naon?

6. Cai naon waé anu ku urang bisa dipaké susuci téh?

7. Pépéling ngeunaan naon anu aya dina pupujian téh?

8. Saha ari jenengan ibu ramana Nabi Muhammad téh?

9. Taun sabaraha Kangjeng Nabi dibabarkeunana?

10. Pék caritakeun kumaha layeutna Galih sabatur-batur dina sapopoéna! 

Jawaban : 

1. Ramé ku barudak anu arulin.

2. Disalin ku papakéan nu beresih, nyokot sarung, rék ka masjid.

3. Kudu buru-buru enggeusan ulin, balik ka imah, beberesih, terus ka masjid pikeun ngalaksanakeun solat.

4. Nitah eureun ulin, sabab geus magrib, terus kudu indit ka masjid.

5. Medar ngeunaan rupa-rupa cai anu bisa dipaké susuci atawa abdas.

6. Cai walungan, cai laut, cai sumur, cai ibun, cai és, cai nyusu, jeung cai hujan.

7. Pépéling sangkan urang milampah kahadéan.

8. Ramana Sayid Abdullah, ibuna Siti Aminah.

9. Taun 571 Maséhi.

10. Sesembahan bangsa sétan kabéh pada arucutan

Kunci Jawaban Bahas Sunda Halaman 7 Sampai 8

Yu, urang diskusi!

Hidep sabatur-batur pék dibagi jadi opat kelompok. Saban kelompok kudu nerangkeun harti atawa maksud istilah kaagamaan. Lamun tacan nyaho hartina, hidep kudu nanyakeun ka ibu, ka apa, ka lanceuk, atawa ka saha waé. Pék ku hidep catetkeun sakur katerangan tina éta istilah, terus diskusikeun di kelas.

Kelompok 1
1. sodakoh = méré duit atawa barang lianna ka anu butuheun

2. ahlak = kalakuan, atawa laku lampah manusa.

3. iman = percaya.

4. taat = tumut atawa nurut, teu ngabantah.

5. dikobul = dicumponan paménta ku Gusti Alloh.

Kelompok 2
1. qurban = ibadah dina poéan Idul Adha, ku cara meuncit sato (domba, embé, sapi, atawa munding)

2. saur = dahar jeung nginum dina waktu janari saméméh ngalaksanakeun puasa.

3. tadarus = maca Quran.

4. sajadah = alas paranti solat.

5. munara = babagian masjid anu pangluhurna, paranti neundeun spiker.

Kelompok 3
1. maca salam = ngucapkeun assalamu’alaikum.

2. insan = manusa.

3. wajib = pagawéan anu lamun dilaksanakeun bakal meunang pahala, lamun teu dilaksnakeun bakal meunang siksa.

4. musola = tempat solat.

5. amal = pagawéan.

Kelompok 4
1. taud = ngucapkeun audubillahiminasaitonirojim.

2. jakat pitrah = jakat anu dikaluarkeun dina poé Lebaran.

3. maca hamdallah = ngucapkeun alhamdulillah.

4. jilbab = kurudung.

5. tajil = ngabatalan puasa.

Kunci Jawaban Bahas Sunda Halaman 9 Sampai 10

Yu, nyusun pupujian!

Di handap aya pupujian anu eusina pépéling, tapi jajaranana tacan nyusun. Pék ayeuna ku hidep susun, sangkan bisa kaharti, tepi ka éta pupujian téh nyumponan unsur komunikasi, lantaran aya eusi anu ditepikeunana kalawan jéntré.

(1) éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh

(2) mugi rohmat salamina
nun Gusti abdi sadaya
sareng ka kulawargina
ngocor ka Nabi nu mulya

Jawaban, buka disini: Nyusun Pupujian Eling-eling Dulur Kabeh

Kunci Jawaban Bahas Sunda Halaman 11 Sampai 12

Yu, urang latihan!

Sangkan leuwih paham kana robahna kecap, pék ayeua ku hidep pigawé latihanana. Carana mah kawas bieu dina contona waé. Hidep ngan kari ngalarapkeun kecap anu geus robah kana kalimahna.

1. Ti tatadi gé kupat tahu téh euweuh nu ngadahar geuning.

2. Cing nginjeum ragaji, rék meulahan papan keur nyieun bangku.

3. Jih, teu pira gé ukur nyabak, naha mani teu meunang ah.

4. Apan itu tuh imah Kang Juhana mah anu panto pagerna muka.

5. Mun rék ngaduruk runtah ulah wayah kieu atuh, Kang Haji.

6. Dina jero lokét Ceu Aisyh duitna mani ngéntép bareureum.

7. Rék nyangu téh komporna teu hurung, da gasna geus béak.

8. Urang wajib ngabales kanyaah jeung kahadéan indung bapa.

9. Ramo heulang ngaranggeum anak hayam, terus dibawa ngapung.

10. Geus meunang ngitung, duit anu disetorkeun ka bank téh.

11. Murid kelas opat dibéré tugas kudu nyieun karajinan tina awi.

12. Hurungkeun heula atuh ari manéh rék meuleum opak mah, Cép.

13. Lamun moal asup gawé mah kari nyarita waé ka dunungan.

14. Tarajé anu keur ditaékan téh nyorodot, untung teu luhur labuhna.

15. Dibaju seragam bari nyoléndang kantong, rék indit ka sakola.

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban soal bahasa sunda kelas 4 halaman 6 7 8 9 10 11 12 Pamekar Diajar Bahasa Sunda pada pengajaran 1 Komunikasi Dina Pakumbuhan. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel