-->

Iklan

Jawab Kumaha Kaayaan di Buruan Masjid Dina Sore Harita

Kumaha kaayaan di buruan masjid dina sore harita, Naon waé anu dipigawé ku Galih sanggeusna mandi, pembahasan kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 halaman 6 7 8 9 10 11 12 Pamekar Diajar Bahasa Sunda tepatnya pada materi pengajaran 1 Komunikasi Dina Pakumbuhan di buku siswa. 

Kumaha kaayaan di buruan masjid dina sore harita Naon wae anu dipigawe ku Galih sanggeusna mandi

Yu, urang maca!

PUPUJIAN DI MASJID

Langit masih béngras, padahal geus liwat ti tabuh lima soré. Kabeneran poé ieu mah teu hujan. Éta pangna barudak arulinna bangun anu hayang saseubeuhna. Sawaréh ngariung di émpér masjid. Meureun ari dina poé-poé saméméhna mah ari pasosoré téh sok hujan waé, da keur usumna.

“Enggeusan arulinna, barudak, geus téréh magrib,” ceuk Uwa Sumantri ka barudak anu keur ucing-ucingan di buruan masjid. Aya welasna urang, awéwé-lalaki. Éta masjid téh di deukeut lawang kompléks perumahan.

“Sakedap deui, Wa, kapameng,” témbal Yadi.

“Éh, barudak téh. Bisi kaburu sareupna geura. Hayoh geura marandi kaituh!” ceuk Uwa Sumantri deui.

“Enya, ah. Urang enggeusan wé ulinna. Sok tiris ari mandi kamagriban téh,” ceuk Galih ka batur-baturna. Manéhna mah balikna téh pangjauhna, da imahna di jajaran tungtung.

“Enggeusan, euy, enggeusan ...,” ceuk nu séjén bari terus marulang ka saimah-imahna.

Sanggeus mandi, Galih disalin ku papakéan beresih, terus nyokot sarung, rék ka masjid. Babaturanana mah, anu imahna teu jauh ti masjid, geus leuwih ti heula datang. Tah geuning kadéngé keur pupujian:

Tah sora bedug, batur
tanda geus magrib
geus nitah eureun ulin
ngajak ka masjid
beulah kulon hibar layung
ngajak muji ka Yang Agung

Teu kungsi lila kadéngé sora adan. Galih buru-buru asup ka masjid.

Jamaah anu rék solat magrib kaitung loba, aya kana opat jajarna, da katambahan ku barudak anu rék diajar ngaji. Saréngséna solat, barudak arunggah ka lanté dua, anu pahareup-hareup jeung paimbaran. Minangkana mah éta téh madrosah. Di dinya Galih sabatur-batur diajarna téh. Sajaba ti ngaderes Quran, barudak téh diajar babacaan solat jeung prak-prakan abdas.

Bari ngadagoan Ustad Rahmat anu keur solat sunat, barudak ngapalkeun pupujian. Eusina medar rupa-rupa cai anu bisa dipaké susuci.

Dupi sadayana cai
nu sok dianggo susuci
éta aya tujuh rupi
walungan anu kahiji

Cai laut kaduana
cai sumur katiluna
cai ibun kaopatna
cai és nu kalimana

Cai nyusu kagenepna
cai hujan katujuhna
éta cai sadayana
sok dianggo susucina

Pupujian anu dikawihkeun ku barudak téh hasil diajar di madrosah. Ku sabab dikawihkeun, barudak téh gancang apal, da dibarung ku resep. Eusi pupujian nu diajarkeun ku Ustad Rahmat téh rupa-rupa. Barudak sok resepeun pisan mun keur ngawihkeun pupujian anu eusina riwayat Kangjeng Nabi.

Kunci Jawaban Bahas Sunda Halaman 6

Pék ku hidep jawab!

1. Kumaha kaayaan di buruan masjid dina soré harita?
Jawaban : Ramé ku barudak anu arulin.

2. Naon waé anu dipigawé ku Galih sanggeusna mandi?
Jawaban : Disalin ku papakéan nu beresih, nyokot sarung, rék ka masjid.

3. Kudu kumaha mun urang geus ngadéngé adan magrib?

4. Naon eusi pupujian anu dikawihkeun saméméh solat?

5. Ari pupujian sanggeusna solat medar ngeunaan naon?

6. Cai naon waé anu ku urang bisa dipaké susuci téh?

7. Pépéling ngeunaan naon anu aya dina pupujian téh?

8. Saha ari jenengan ibu ramana Nabi Muhammad téh?

9. Taun sabaraha Kangjeng Nabi dibabarkeunana?

10. Pék caritakeun kumaha layeutna Galih sabatur-batur dina sapopoéna! 

Jawaban secara lengkap, buka DISINI

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban soal bahasa sunda kelas 4 halaman 6 7 8 9 10 11 12 Pamekar Diajar Bahasa Sunda pada pengajaran 1 Komunikasi Dina Pakumbuhan. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel