-->

Iklan

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 71 72 73 Pengajaran 6

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 halaman 71 72 73 Pamekar Diajar Bahasa Sunda tepatnya pada materi pengajaran 6 Cinta Lemah Cai di buku siswa. Silahkan kalian pelajari materi pengajaran 6 kelas 4 SD/MI mulai dari halaman 71 sampai dengan 73 secara lengkap.

Pembahasan kali ini merupakan lanjutan dari tugas sebelumnya, dimana kalian telah mengerjakan soal Pengajaran 5. Langsung saja simak penjelasannya.

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 71 72 73 Pengajaran 6

Kunci Jawaban Pamekar Diajar Bahasa Sunda Halaman 71 72 73

Ngadiskusikeun Eusi Kawih
Yu, urang diskusi!

Kawih nu ku hidep bieu diregepkeun téh nyaritakeun éndahna tanah Sunda. Kudu kumaha urang salaku urang Sunda ka Tanah Sunda sangkan jembar wibawana di Indonésia.

Tah, ayeuna ngarah hidep leuwih paham kana eusi kawih “Tanah Sunda”, pék jawab ieu pananya. Alusna mah diskusi jeung babaturan. Pék bagi jadi empat kelompok.

Kelompok 1

1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tungtungna?
Jawaban : 8-a, 8-a, 7-a, 7-a, 8-a

2) Kumaha kaayaan Tanah Sunda téh?
Jawaban : Gemah ripah.

3) Kudu kumaha urang Sunda ka Tanah Sunda téh?
Jawaban : Sing towéksa perceka.

4) Mawa pancén naon urang Sunda téh?
Jawaban : Nyangga dhrama anu nyata.

5) Kudu muji sukur ka saha urang boga Tanah Sunda?
Jawaban : Pangéran.

Kelompok 2

1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 
Jawaban : 6-a, 6-a, 8-a, 12-a, 12-a

2) Kudu kumaha ka Seuweu Pajajaran téh?
Jawaban : Muga ting kasmaran.

3) Kudu kumaha ka Tanah Pusaka téh?
Jawaban : Getén titén rumawat

4) Kawajiban saha miara Tanah Pusaka téh?
Jawaban : Kawajiban urang.

5) Miara lemah cai téh kaasup sabagian tina naon?
Jawaban : Iman

Kelompok 3

1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 
Jawaban :  8-a, 8-a, 8-a, 8-a

2) Kudu kumaha urang kana harta banda téh?
Jawaban : Kudu titén.

3) Ngalakukeun naon anu batur moal bisaeun téh?
Jawaban : Ngatur ngolah jeung ngariksa Tanah Sunda.

4) Moal kaduhung jaga mun urang kumaha?
Jawaban : Titén kana harta jeung ngatur ngolaj jeung ngariksa Tanah Sunda.

5) Titén kana harta banda pibekeleun hirup di dunya jeung di mana?
Jawaban : Ahérat.

Kelompok 4

1) Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna?
Jawaban : 6-a, 6-a, 8-a, 12-a, 12-a

2) Kudu kumaha ngangkat darajat Ki Sunda téh?
Jawaban : Singkil babarengan

3) Kudu dikumahakeun Sunda téh?
Jawaban : Diraksa dirumat.

4) Bakal kumaha lamun Sunda dirumat?
Jawaban : Pasti jembar wibawa Indonésia.

5) Ngaraksa lemah cai kaasup tanda ibadah ka saha?
Jawaban : Pangéran

Ngadiskusikeun Kandaga Kecap
Yu, urang diskusi!

Dina rumpaka kawih di luhur tangtu aya kecap-kecap anu patali jeung cinta lemah cai. Téangan hartina! Bisi hésé bisa didiskusikeun jeung babaturan. Bisa waé nanyakeun ka ibu, ka bapa, ka lanceuk, atawa ka saha waé atawa muka kamus.

Contona:
Mo kaduhung waktu jaga.
kaduhung = hanjakal

Pigawé kawas conto du luhur!

Kelompok 1:

1) Kaayaan Tanah Sunda téh gemah ripah.
Gemah ripah = kerta raharja.

2) Urang kudu towéksa ka Tanah Sunda.
Towéksa = tulatén

3) Dina miara Tanah Sunda, urang kudu percéka.
Percéka = pinter ngatur sagala urusan

4) Kudu tulatén atuh ari miara tanah pusaka mah.
Tulatén = getén, titén, henteu lalawora dina ngurus gawé.

Kelompok 2:

1) Sangkan nanjeur, urang kudu rumaksa ka Tanah Sunda.
rumaksa = ngaraksa, miara

2) Sangkan tetep beresih, urang kudu miara lingkungan.
miara = ngamumulé, ngurus

3) Ngarah awét mah, urang kudu rumawat kana banda urang.
rumawat = dirawat, diurus, dipiara

4) Sing titén kana barang jeung lingkungan téh.
titén = taliti, rumawat.

Kelompok 3:

1) Lamun baris di buruan upacara, ketua murid kudu ngatur barisan.
ngatur = ngolah, mémérés

2) Unggal musim patani ngolah sawah pikeun dipelakan paré.
ngolah = ngokolakeun

3) Urang kudu ngariksa budaya Sunda sangkan teu leungit.
ngariksa = ngarawat, miara, ngurus

4) Hirup jeung tatangga kudu sauyunan ulah sok papaséaan.
sauyunan = akur tur babarengan.

Kelompok 4:

1) Lamun rék ngayakeun kerja bakti, urang kudu singkil heula.
singkil = sayaga, taki-taki

2) Basa jeung budaya Sunda kudu diraksa sangkan tetep hirup.
diraksa = dirawat, dipiara, diurus

3) Kebon téh kudu dirumat sangkan hasilna mucekil.
dirumat = dirawat, dipiara, diurus

4) Sunda bakal kukuh mun diraksa jeung diruat ku urang.
kukuh = pageuh atawa kuat nyekel tangtungan.

Lihat jawaban selanjutnya, buka disini: Pamekar Diajar Bahasa Sunda

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban soal bahasa sunda kelas 4 SD/MI halaman 71 72 73 Pamekar Diajar Bahasa Sunda pada pengajaran 6 Cinta Lemah Cai. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel