-->

Iklan

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 56 Pamekar Diajar Bahasa Sunda

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 halaman 56 Pamekar Diajar Bahasa Sunda tepatnya pada materi pengajaran 5 Ngajenan Jasa Pahlawan di buku siswa. Silahkan kalian pelajari materi pengajaran 5 kelas 4 SD mulai dari halaman 54 sampai dengan 56 secara lengkap.

Pembahasan kali ini merupakan lanjutan dari tugas sebelumnya, dimana kalian telah mengerjakan soal lihat DISINI. Langsung saja simak penjelasannya.

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 56 Pamekar Diajar Bahasa Sunda

JASA GURU

Urang kahutangan budi, salila urang sakola, tadina taya kanyaho, terus meunang pangajaran, rupa-rupa piwulang, jasa Ibu Bapa Guru, anu salawasna héman.

Tugasna dina ngadidik, sangkan palinter muridna, dilakonan bari rido, dibarung ku rasa nyaah, henteu dibéda-béda, kabéh dibéré piwuruk, conto hadé pikeun urang.

Jadi kawajiban murid, pikeun boga rasa hormat, kadé bisi urang poho, ngagugu kana naséhat, ngajauhan panyaram, nu ditepikeun ku guru, mun hayang hirup waluya.

Kunci Jawaban Halaman 56

Pék ku hidep jawab, terus diskusikeun.

1. Dina hal naon waé urang kahutangan budi ku Ibu/Bapa Guru téh?

Jawaban : Dina ngajar ka urang sangkan jadi jelema anu pinter, dina méré piwuruk jeung naséhat sangkan urang jadi jalma bener.

2. Naon waé anu dipilampah ku Ibu/Bapa Guru dina ngadidik muridmuridna?

Jawaban : Bapa/Ibu Guru ngadidik kalawan rido jeung dibarung ku rasa nyaah.

3. Naha dina ngadidik téh Ibu/Bapa Guru tara ngabéda-béda murid?

Jawaban : Lamun dina ngadidik murid bari dibéda-béda tangtu bakal jadi sisirikan, tur dianggap henteu adil.

4. Kumaha waé carana urang némbongkeun rasa hormat ka Ibu/Bapa Guru?

Jawaban : Ku cara ngagugu kana naséhatna jeung ngajauhan sakur anu dicaramna.

5. Kumaha akibatna mun urang ngagugu kana naséhat Ibu/Bapa Guru?

Jawaban : Hirup urang bakal waluya atawa bakal salamet.

6. Naon sababna Ibu/Bapa Guru téh sok disebut “pahlawan tanpa tanda jasa”?

Jawaban : Sabab jasana ka urang gedé pisan, tapi teu miharep balesan atawa pamulang jasa ti urang, lantaran Bapa/Ibu Guru henteu ngahutangkeun budi.

Lihat juga jawaban soal selanjutnya lengkap DISINI

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban soal bahasa sunda kelas 4 SD/MI halaman 56 Pamekar Diajar Bahasa Sunda pada pengajaran 5 Ngajenan Jasa Pahlawan. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel