-->

Iklan

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 5 Halaman 4 6 7 9 10 12 Pangajaran 1 Kaulinan

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 5 halaman 4 6 7 9 10 12 Pangajaran 1 KAULINAN tepatnya pada materi di buku Pamekar Diajar Bahasa Sunda. Silahkan kalian pelajari materi pengajaran 1 kelas 5 SD/MI mulai dari halaman 4 sampai dengan 12 secara lengkap.

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 5 halaman 4 6 7 9 10 12 Pangajaran 1 KAULINAN Pamekar Diajar Bahasa Sunda

Metakeun Kaulinan Barudak

Ieu di handap aya bacaan. Eusina perkara kaulinan barudak. Cing di antara hidep aya nu terang kaulinan cingciripit? Sok ngacung, tuluy terangkeun! Upama can tarerang, pék baca dina jero haté, tuluy titénan eusina!

Cingciripit
Baralik sakola Deni, Tanu, Hari, jeung Neng Uni karumpul di imah Féri, Barudak téh limaanana natangga jeung sosobatan. Sosobatanana téh ti kelas hiji kénéh. Malah di sakolana ogé sakelompok. Ka ditu ka dieu layeut tara papisah. Mémang sosobatan maranéhna téh raket pisan. (baca secara lengkap pada buku Pamekar Diajar Bahasa Sunda)

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 5 Halaman 4

Pananya jeung jawabanana ébréh ieu di handap.

1) Saha waé barudak nu karumpul téh?
Jawaban : Féri, Deni, Tanu, Hari, jeung Neng Uni.

2) Ngayakeun kaulinan naon barudak téh?
Jawaban : Cingciripit.

3) Ti iraha barudak téh sosobatanana?
Jawaban : Ti kelas hiji kénéh.

4) Jaba ti natangga jeung sosobatan, kumaha barudak téh di sakolana?
Jawaban : Sakelompok.

5) Sakurang-kurangna sabaraha urang kaulinan cingciripit téh?
Jawaban : Tiluan.

6) Kumaha cara-carana ari kaulinan cingciripit?
Jawaban : Salasaurang namprakkeun dampal leungeun. Nu séjénna nunjukkeun curuk kana luhur dampal leungeun. Engké bari ngawih pagancang-gancang metot curukna. Anu telat metot sarta kacekel jadi ucing. Kudu tuluy jadi nu namprakkeun dampal leungeun.

7) Keur naon gunana namprakkeun leungeun dina kaulinan cingciripit? 
Jawaban : Keur tempat nunjukkeun jeung nyimpen curuk sarta ngerewek curuk nu telah dikejatkeunana.

8) Nyaritakeun naon eusi kakawihan cingciripit téh?
Jawaban : Nyaritakeun saha nu kudu jadi ucing.

9) Naon nu kacapit téh? Curuk. Jeung naon anu nyapitna?
Jawaban : Bulu paré. Kumaha akibatna mun curuk kacapit? Nyeri.

10) Keur naon tujuanana dampal leungeun nu namprak dikeupeulkeun?
Jawaban : Keur néwak atawa ngerewek curuk nu telah dikejatkeunana.

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 5 Halaman 6 Sampai 7

Ngalarapkeun Kecap Kana Kalimah
Pigawé cara conto!

1. dieusian → ngeusian

Unggal logak congklak dieusian ku kewuk
Jawaban :  Barudak ngeusian unggal logak congklak ku kewuk

2. dipaké → maké

Bal leutik jeung kewuk dipaké dina kaulinan éncrak.
Jawaban : Kaulinan éncrak maké bal jeung kewuk

3. diwurkeun → ngawurkeun

Kewuk diawurkeun ka luhur bari ngalungkeun bal.
Jawaban : Barudak ngawurkeun kewuk ka luhur bari ngalungkeun bal.

4. dicokotan → nyokotan

Kewuk nu acak-acakan téh kudu dicokotan hiji-hiji.
Jawaban : Barudak kudu nyokotan kewuk nu acak-acakan hiji-hiji.

5. dirawu → ngarawu

Kewuk téh terus dirawu ku barudak awéwé.
Jawaban : Barudak awéwé terus ngarawu kewuk.

6. diperlukeun → merlukeun

Dina kaulinan éncrak biasana diperlukeun batur duaan atawa tiluan.
Jawaban : Kaulinan éncrak biasana merlukeun batur duaan atawa tiluan.

7. digunakeun → ngagunakeun

Dina kaulinan éngklé téh digunakeun batu.
Jawaban : Barudak ngagunakeun batu dina kaulinan éngklék.

8. dialungkeun → ngalungkeun

 Ari batu téh dialungkeun sina padeukeut-deukeut kana tanda.
Jawaban : Barudak ngalungkeun batu sina padeukeut-deukeut kana tanda.

9. disimpen → nyimpen

 Batu disimpen dina tonggong dampal suku.
Jawaban : Barudak nyimpen batu dina tonggong dampal suku.

10. dijungjungkeun → ngajungjungkeun

 Tonggong dampal suku dijungjungkeun saeutik ka luhur.
Jawaban : Barudak ngajungjungkeun tonggong dampal suku saeutik ka luhur

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 5 Halaman 9 Sampai 10

Nyangkem Kaulinan Oray-orayan
Pikeun maham eusi téks, hidep kudu ngajawab ieu pertanyaan. Alusna mah diskusi jeung babaturan. Pék bagi jadi genep kelompok. Tiap-tiap kelompok ngajawab hiji pertanyaan ieu di handap.

KELOMPOK I:

 Naon sababna kaulinan oray-orayan kudu lobaan?

KELOMPOK II:

 Kumaha cara-carana ari kaulinan oray-orayan?

KELOMPOK III:

 Naon sababna dina kaulinan oray-orayan kudu aya nu jadi huluna jeung aya nu jadi buntutna?

KELOMPOK IV:

 Nyaritakeun naon eusi kakawihan oray-orayan téh?

KELOMPOK V:

 Naon sababna kaulinan oray-orayan kudu luar-léor?

KELOMPOK VI:

 Keur naon tujuanana budak nu jadi hulu oray-orayan ngudagngudag budak nu jadi buntutna?

Jawaban, buka disini: Naon Sababna Kaulinan Oray-orayan Kudu Lobaan

Ngadiskusikeun Kecap
Dina kawih oray-oray di luhur aya kecap-kecap nu dipaké saperti mapay, sedeng, leuwi, luar-léor, jeung pandeuri. Pék sawalakeun jeung babaturan hidep pikeun néangan hartina. Gunakeun kamus basa Sunda. Geus kitu jieun kalimah anu béda maké éta kecap!

1. Barudak keur arulin mapay galengan sawah.
mapay = leumpang nuturkeun galengan

2. Paré di sawah téh keur sedeng beukah.
sedeng = Keur meujeuhna

3. Ku lantaran diantep, sangu nu dikuah ku sayur téh beukah.
beukah = ngagedéan ka gigir, ka luhur ka handap

4. Oray téh luar=leor dina luhureun taneuh.
luar-léor = luak-léok ka kénca ka katuhu

5. Déni datang ka sakolana pandeuri.
pandeuri = ti tukang

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 5 Halaman 12

Metakeun Kaulinan
Ieu di handap aya deui téks kaulinan barudak. Pék baca heula dina jero hate, tuluy polahkeun.

Ambil-Ambilan

Ilaharna kaulinan ambil-ambilan téh merlukeun réa batur. Kumaha prak-prakanana ieu kaulinan téh? Dua urang pahareup-hareup, tuluy leungeunna pacekel-cekel, bari rada dikaluhurkeun. Barudak nu séjénna ngantay bari silih cekel taktak. Budak nu aya di tukang nyekel taktak budak nu aya di hareupeunana. Geus kitu, barudak nu ngantay téa arasup ka kolong leungeun nu duaan, nu tadi leungeunna geus pacekel-cekel téa. Kituna téh bari kakawihan. Kieu kakawihanana téh. (baca secara lengkap di buku)

Latihan
Jawab sakur pertanyaan ieu di handap!

1) Dina kaulinan “Cingciripit”, naon nu kacapit téh?

2) Naon anu nyapit tulang bajing téh?

3) Kumaha polah oray-orayan téh?

4) Ka mana inditna oray-orayan téh?

5) Naon sababna oray-orayan téh ulah ka sawah?

6) Di mana loba nu mandi téh?

7) Naon gawéna budak pahatu dina kaulinan ambil-ambilan téh?

8) Ku naon budak téh sukuna?

9) Naon ubar kacugak téh?

10) Naon anu dicocolan basa tiguling téh?

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban soal bahasa sunda kelas 5 halaman 4 6 7 9 10 12 Pangajaran 1 KAULINAN buku Pamekar Diajar Bahasa Sunda. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel