-->

Iklan

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 Pengajaran 9 Kadaharan Sehat Has Sunda

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 halaman 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 Pamekar Diajar Bahasa Sunda tepatnya pada materi pengajaran 9 Kadaharan Sehat Has Sunda di buku siswa. Silahkan kalian pelajari materi pengajaran 9 kelas 4 SD/MI mulai dari halaman 102 sampai dengan 111 secara lengkap.

Pembahasan kali ini merupakan lanjutan dari tugas sebelumnya, dimana kalian telah mengerjakan soal lihat DISINI. Langsung saja simak penjelasannya.

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 halaman 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 Pamekar Diajar Bahasa Sunda

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 102-110

Nyangkeum Eusi Pedaran

1) Di wewengkon mana nu sok nyieunan kalua jeruk téh?
Jawaban : Ciwidey.

2) Naon sababna éta kadaharan téh disebutna kalua jeruk?
Jawaban : Lantaran bahanna tina cangkang daut jeruk bali.

3) Jeruk naon nu sok dipaké bahan nyieun kalua téh?
Jawaban : Jeruk bali.

4) Kumaha cara nyieun kalua jeruk?
Jawaban : Cangkang jeru dipiceun kulitna, tuluy dikeureutan. Geus kitu, dikeueuman ku cai gula.

5) Naon bédana kalua jeruk jeung kalua gedang?
Jawaban : Béda bahan bakuna. Kalua jeruk dijieun tina kulit jeruk bali, dikeueuman cai gula.

6) Mun kalua dijadikeun industri rumah, bakal kumaha masarakat?
Jawaban : Masarakat bakal diuntungkeun

Nyebutan Istilah Kadaharan

1. Kadaharan nu asalna béas aya opak, ranginang, awug, bugis

2. Inuman Sunda téh aya bandrék, bajigur, wédang jahé, goyobod

3. Kadaharan Sunda nu bahanna sampeu nyaéta comro, peuyeum, gegetuk, kicimpring

4. Kadaharan nu dikulub aya kulub suuk, kulub sampeu, kulub suuk, kulub jagong

5. Kadaharan nu digoréng aya goréng lauk, goréng cau, goréng sangu, goréng sampeu

Ngalarapkeun Kecap Kana Kalimah

1. Cau beunang nyiksikan téh …F… dina nyiru.

2. Jagong beunang meungkeut …I.. dina paraseuneu.

3. Cau nu atah kénéh téh ……H……. dina lombang.

4. Waluh téh keur ……G…. dina langseng.

5. Cangkang jeruk téh ………B……… dina ciapu.

6. Suuk téh bisa disangray bisa ………J………

7. Sampeu beunang ngumbah téh tuluy ………G……

8. Suuk téh ……D…… dina katél.

9. Daun gedang beunang ngala ……C……dina panci.

10. Opak téh ……A……. dina hawu.

Kelompok 1 nyawalakeun kadaharan “karédok”.
Pék jawab ieu pananya!

1) Naon waé bahan pikeun nyieun karédok téh?

Jawaban : Kacang panjang, bonténg, térong, togé,jeung engkol. Ari samara anu diperlukeun nyaéta goréng atawa sangray suuk, uyah, bawang bodas, bawang beureum, cikur, gula beureum, jeung céngék.

2) Kumaha carana nyieun karédok? Cik pék terangkeun!

Jawaban : Sayuran sagala atah diberesihan tuluy disiksikanan. Samara nu geus disadiakeun téh, tuluy diréndos ku mutu dina cowét. Sanggeus réngsé, caian saeutik. Sayuran beunang nyiksikan téh, tuluy galokeun kana samara nepi ka rata.

3) Kumaha cara ngadaharna karédok téh?
Jawaban : Karédok didaharna jeung sangu atawa lontong dina waktu dahar beurang atawa dahar peuting.

4) Sok dibarengan ku naon ari dahar karédok?
Jawaban : Pidangan karédok ogé sok dibarengan kukurupuk.

5) Lamun urang jajan karédok, sok diwadahan naon?
Jawaban : Lamun urang jajan karédok, biasana sok dipincuk ku daun cau.

Kelompok 2 nyawalakeun kadaharan “Kicimpring”
Pék jawab ieu pananya!

1) Ceuk dugaan, ieu kadaharan disebut kicimpring, naon sababna?

Jawaban : Lantaran wangunna ipis nyempring.

2) Naon baé bahan keur nyieun kicimpring téh?

Jawaban : Jaba ti bahan baku nu mangrupa sampeu, perlu ogé samara saperti uyah, bawang daun, céngék atawa cabé, jeung samara pécin.

3) Kumaha carana nyieun kicimpring téh? Pék jelaskeun!

Jawaban : Ari cara nyieunna kieu. Sampeu dipesék cangkangna, tuluy dikumbah, sarta diparud. Parudan sampeu dicampuran ku uyah, bawang daun beunang nyiksikan saperluna. Geus kitu mah, galokeun nepi ka rata. Adonan sampeu diemplé-emplé sina ipis tur dibuleud atawa dilonjongkeun dina tutup panci. Geus kitu diseupan ngarah asak. Geus asak mah dijait, tulu dipoé nepi ka garing. Kakara geus garing, opak digoréng atawa didéangkeun nepi ka asak.

4) Kumaha carana ngadahar kicimpring téh?
Jawaban : Kicimpring diidangkeun minangka lalawuh bareng jeung citéh atawa cikopi.

5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kicimpring?
Jawaban : Sok dibarengan ku citéh atawa cikopi.

Kelompk 3 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Cau”
Pék jawab pananya ieu di handap.

1) Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik cau?

Jawaban : Lantaran bahanna dijieunna tina cau.

2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik cau?

Jawaban : Cau nu sok dikiripik nyaéta cau siem atawa cau raja. Ari bahan séjénna aya cai, gula bodas atawa gula beureum, uyah, minyak goréng.

3) Kumaha carana nyieun kiripik cau? Pék jelaskeun!

Jawaban : Cau dipesék cangkangna, tuluy disiksik ka panjangna sing aripis. Lamun rék nyieun kiripik asin, cau beunang nyiksikan dikeueumkeun kana ciuyah. Antepkeun sakeudeung ngarah ciuyah nyerep, kakara digoréng. Tapi lamun rék nyieun kiripik amis, cau beunang nyiksikan digoréng nepi ka asak. Geus kitu, digalokeun kana cigula.

4) Kumaha carana ngadahar kiripik cau?
Jawaban : Kiripik cau jadi lalawuh, biasana dikéleran

5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik cau?
Jawaban : Disuguhkeun ka sémah jeung citéh atawa cikopi.

Kelompok 4 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Kentang”
Pék jawab pananya ieu di handap.

1) Naon sababna disebut kiripik kentang?
Jawaban : Lantaran bahan dijieunna tina kentang.

2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik kentang?

Jawaban : Jaba ti bahan baku kentang, diperlukeun bahan jeung samara séjénna saperti uyah, cai, apu seupah, minyak goréng. Parabot nu dipaké katél jeung baskom.

3) Kumaha carana nyieun kiripik kentang?

Jawaban : Ari cara nyieunna kieu. Kentang dipesék cangkangna, tuluy disiksik. Keueuman ku ciapu, tuluy seupan sakeudeung. Geus kitu, dipoé nepi ka garing, kakara digoréng.

4) Kumaha carana ngadahar kiripik kentang?
Jawaban : Kiripik kentang jadi lalawuh anu sok dikéleran.

5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik kentang?
Jawaban : Disuguhkeun ka sémah, dibarengan ku citéh atawa cikopi.

Kelompok 5 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Sampeu”
Pék jawab pananya ieu di handap!

1) Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik sampeu?

Jawaban : Lantaran bahan dijieunna tina sampeu.

2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik sampeu?

Jawaban : Jaba ti sampeu, diperlukeun bahan séjénna saperti cai, uyah, minyak goréng. Parabot nu dipakéna nyaéta katél, aseupan, jeung nyiru.

3) Kumaha carana nyieun kiripik sampeu? Pék jelaskeun!

Jawaban : Cara nyieuna kieu. Sampeu dipesék cangkangna, dikumbah, tuluy diseupan nepi ka asak. Geus tiis, tuluy disiksikan aripis sarta dipoé nepi ka garing. Lamun geus garing, bisa digoréng sarta dipurulukan ku uyah.

4) Kumaha carana ngadahar kiripik sampeu?
Jawaban : Kiripik sampeu téh lalawuh anu sok disuguhkeun diina kéler.

5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik sampeu?
Jawaban : Dahar kiripik sampeu sok dibarengan ku citéh atawa cikopi.

Kelompok 6 nyawalakeun kadaharan “Kiripik Taleus”
Pék jawab ieu pananya!

1) Naon sababna ieu kadaharan téh disebut kiripik taleus?

Jawaban : Lantaran bahan djieunna tina taleus.

2) Naon baé bahan keur nyieun kiripik taleus?

Jawaban : Uyah, cai, jeung minyak goréng

3) Kumaha carana nyieun kiripik taleus? Pék jelaskeun!

Jawaban : Bahan-bahanna nyaéta taleus, uyah, cai, jeung minyak goréng. Ari parabotna mah cukup ku katél.

4) Kumaha carana ngadahar kiripik taleus?

Jawaban : Cara nyieunna kieu. Taleus dipesék cangkangna, tuluy disiksikan aripis, ngujur ka panjangna atawa ka lébarna, kumbah nepi ka beresih. Keueum kana ciuyah, antepkeun sina nyerep uyahna nepi ka rata. Geus kira-kira uyahna nyerep, tuluy tuuskeun, kakara digoréng.

5) Sok dibarengan ku naon lamun ngadahar kiripik taleus?

Jawaban : Didaharna dibarengan ku citéh atawa cikopi.

Jawaban soal selanjutnya, buka DISINI

Latihan
Pikeun latihan, pék jawab sakur pananya ieu di handap!

1. Ari kalua téh aya sabaraha rupa?
Jawaban : Kalua jeruk, kalua gedang, jeung kalua suuk.

2. Kumaha cara nyieun kalua jeruk?

Jawaban : Kulit jeruk nu héjona dipiceun nepi ka katempo dagingna bodas. Tuluy diberesihan jeung dikeueum dina cai apu seupah. Geus nyerep cai apuna, tuluy digodog maké cai gula beureum atawa cai gula bodas nepi ka caina saat. Geus kitu dituuskeun jeung dipoé.

3. Ciri has wewengkon mana ari karédok téh?
Jawaban : Wewengkon Sunda.

4. Naon waé bahan pikeun nyieun karédok téh?

Jawaban : Kacang panjang, bonténg, térong, togé,jeung engkol. Ari samara anu diperlukeun nyaéta goréng atawa sangray suuk, uyah, bawang bodas, bawang beureum, cikur, gula beureum, jeung céngék.

5. Sebutkeun dua kadaharan nu bahanna tina sampeu?
Jawaban : Comro jeung kicimprig.

6. Sebutkeun rupa-rupa kadaharan nu mangrupa kiripik?
Jawaban : Kiripik cau, kiripik sampeu, kiripik kentang.

7. Naon bédana kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus?

Jawaban : Bahanna ari kiripik cau mah bahan dijieunna tina cau, kiripik kenang bahan dijieunna tina kentang, kiripik sampeu bahan dijieunna tina sampeu, kiripik aleus bahan dijieunna tina taleus.

8. Naon sasaruaanana dina nyieun kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus?

Jawaban : Bahan-bahanna sarua diiris atawa disiksik, tuluy digoréng.

9. Bahan naon anu sarua dina nyieun kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus?
Jawaban : Samara jeung minyak.

10. Pidangan kiripik téh sok dibarengan ku citéh jeung cikopi. Kumaha cara nyieun citéh jeung cikopi? 

Jawaban : Téh ditinyuh ku ku cai panas. Ari cikopi mah, carana kopi dibauran ku gula, tuluy ditinyuh ku cipanas sarta dikocék.

Kunci Jawaban Bahas Sunda Halaman 111

Dina bacaan geus disebutkeun kumaha carana nyieun kupat. Sangkan leuwih jéntré perkara kupat, pék jawab pananya ieu di handap. 

1) Sebutkeun tilu rupa wangun kupat?
Jawaban : Kupat tahu, kupat lantéra, jeung kupat salamet.

2) Tina naon dijieunna cangkang kupat téh?
Jawaban : Janur.

3) Béas pikupateun, saméméh dikulub, sok maké naon heula?
Jawaban : Cai apu.

4) Sabaraha lilana ngulub kupat téh?
Jawaban : Kira-kira sajam satengah dina kompor atawa tujuh jam dina hawu.

5) Naon nu dimaksud ku kupat tahu téh?
Jawaban : Kupat anu biasana didagangkeun di tukang kupat tahu, anu dipidangkeunana kupat jeung tahu ditinyuh ku samara.

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban soal bahasa sunda kelas 4 SD/MI halaman 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 Pamekar Diajar Bahasa Sunda pada pengajaran 9 Kadaharan Sehat Has Sunda. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel