-->

Iklan

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 31 32 Pengajaran 3

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 SD/MI halaman 31 sampai 32 Pamekar Diajar Bahasa Sunda tepatnya pada materi pengajaran 3 Silih Pikanyaah Papada Makhluk di buku siswa. Silahkan kalian pelajari materi pengajaran 3 kelas 4 SD mulai dari halaman 29 sampai dengan 31 secara lengkap.

Pembahasan kali ini merupakan lanjutan dari tugas sebelumnya, dimana kalian telah mengerjakan soal lihat DISINI. Langsung saja simak penjelasannya.

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 31 32 Pamekar Diajar Bahasa Sunda

Komo waktu kudu ngaliwat ka jalan anu suni mah. Mindeng kabéjakeun di dinya téh sok aya bégal. Aki Dipa teu neger-neger dirina sorangan, bari ngadunga ka Gusti Alloh, sangkan salamet.

Dasar geus nasibna kudu kitu, bet teu ku hanteu Aki Dipa pasanggrok jeung bégal. Puguh waé reuwaseun pisan. Sok sieun éta bégal ngarampas duit bari ngarogahala. Najan ukur saurang, tapi éta bégal téh mawa péstol.

Enya waé éta bégal téh ngahalangan liliwatan, terus ngacungkeun péstol.

“Eureun! Lamun hayang salamet, peupeujeuh silaing ulah ngalawan, jeung éta babawaan silaing pasrahkeun ka déwék!” ceuk bégal.

Aki Dipa kasima. Pamohalan mun ngalawan, sabab Aki Dipa ukur mawa bedog, ari bégal nodongkeun péstol. Moal kaburu lumpat deuih, da tangtuna ogé bakal ditémbak.

“Gancang siah pasrahkeun babawaan silaing!” ceuk bégal deui. “Abdi mah teu ngabantun nanaon, Juragan Bégal,” walon Aki Dipa ngadégdég. (baca secara lengkap di buku siswa)

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 31-32

1. Naon pangna Aki Dipa disebut jalma jujur?

Jawaban : Sabab tara codéka, jeung salawasna pengkuh kna jangji.

2. Waktu balik ti kota, naha bet kaburitan di jalan?

Jawaban : Sabab lalampahanana jauh jeung taya kendaraan.

3. Naon anu ngalantarankeun Aki Dipa salempang?

Jawaban : Sabab kudu ngaliwat ka jalan anu suni, di dinya téh sok aya bégal.

4. Kumaha sikep Aki Dipa waktu pasanggrok jeung bégal?

Jawaban : Ngarasa reuwas tapi terus neger-neger dirina sorangan bari ngadunga ka Gusti Alloh.

5. Naon sababna bégal téh henteu langsung dilawan?

Jawaban : Sabab bégal téh mawa péstol.

6. Kumaha omongan Aki Dipa ka bégal méméh mikeun duit nu dibawana?

Jawaban : Ménta sangkan bégal méstolan bajuna tepi ka karancang pikeun bukti ka dununganana.

7. Naon sababna bégal téh bet langsung nyanggupan paménta Aki Dipa?

Jawaban : Sabab éta bégal téh bodo.

8. Kumaha akibatna sanggeus bégal béakeun pélor?

Jawaban : Kaayaan jadi tibalik, Aki Dipa ngalawan.

9. Kumaha ahirna nasib Aki Dipa téh?

Jawaban : Salamet.

10. Ceuk pamanggih hidep, naha Aki Dipa téh kaasup jalma wanian?

Jawaban : Henteu, tapi jalma loba akalna.

Lihat juga jawaban soal selanjutnya DISINI

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 SD/MI halaman 31 sampai 32 Pamekar Diajar Bahasa Sunda pada pengajaran 3 Silih Pikanyaah Papada Makhluk. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel