-->

Iklan

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 47 48 Pengajaran 4

Kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 SD/MI halaman 47 sampai 48 Pamekar Diajar Bahasa Sunda tepatnya pada materi pengajaran 4 Disiplin, jujur, jeung tanggung jawab dina pagawean di buku siswa. Silahkan kalian kerjakan soal pengajaran 4 mulai dari halaman 47 sampai dengan 48 secara lengkap.

Pembahasan kali ini merupakan lanjutan dari tugas sebelumnya, dimana kalian telah mengerjakan soal lihat DISINI. Langsung saja simak penjelasannya.

Kunci Jawaban Bahasa Sunda Kelas 4 Halaman 47 48 Pengajaran 4

Kunci Jawaban Kelas 4 Halaman 47-48

Nganggeuskeun Karangan

Pék ku hidep anggeuskeun, tepi ka karangan anu aya di handap téh jelas maksudna. Hidep cukup nambahan saalinéa waé.

1. Terminal kendaraan angkutan umum téh aya di saban kota. Malah ayeuna mah di kacamatan gé aya. Di dinya loba jalma anu digawé pikeun nyiar kahirupan. Kabéh ogé penting pikeun masarakat.

Jawaban : Gedé pisan jasa angkutan umum pikeun masarakat téh. Anu rék digawé, anu rék ka sakola, atawa anu rék indit-inditan pikeun kaperluan séjénna di urng mah loba kénéh anu ngagunakeun angkutan umum.

2. Abdi kamari ka kantor pos, badé mésér perangko. Geuning anu didamel di kantor pos téh seueur, nya. Bagianana rupi-rupi, kitu deui tugasna ogé rupirupi. Sadaya padamel di kantor pos katingal sibuk.

Jawaban : Anu ka kantor pos téh aya anu ukur badé mésér perangko kawas abdi, aya anu badé ngeposkeun serat, aya anu badé ngintunkeun artos atanapi ngawésel, sareng aya anu badé ngintunkeun barang, disebatna ngintunkeun pakét.

3. Saban poé Ahad isuk-isuk, Tanti sok diajakan balanja ka pasar ku ibuna. Ari di pasarna keur heurin mah, balanja téh sok rada lila. Mangkaning sok mapay ka saban elos. Apan aya elos anu husus ngajual sayuran, aya elos daging, aya elos bungbu, jeung sajabana.

Jawaban : Anu daratang ka pasar téh rupa-rupa jalma. Pasar téh jadi sumber kahirupan pikeun balaréa. Aya anu nyiar panghasilan tina dagang, jeung aya deuih anu tina buburuh, misalna tukang kuli panggul. Angkot jeung béca gé loba anu néangan muatan, ngaretém di jalan luareun pasar.

4. Urang Ciléngkrang Tonggoh loba anu ngukut sapi peres. Di dinya mah loba kénéh lahan anu dikebonan apanan. Jadi teu pati susah mun nyiar parab keur sapi téh. Malah aya anu ngahaja ngebon jukut sagala.

Jawaban : Sapi peres téh jadi sumber kahirupan urang dinya. Susu sapi meunang meres ti Ciléngkrang Tonggoh dijual ka tempat séjén. Ari susu téh apanan kaasup inuman anu dipikabutuh pikeun kaséhatan. Ayeuna mah susu sapi téh geus teu kaasup barang anu hargana mahal.

Lihat juga jawaban soal selanjutnya lengkap DISINI

Demikian pembahasan secara lengkap kunci jawaban bahasa sunda kelas 4 SD/MI halaman 47 sampai 48 Pamekar Diajar Bahasa Sunda pada pengajaran 4 Disiplin, jujur, jeung tanggung jawab dina pagawean. Semoga bermanfaat dan berguna. Terimakasih, selamat belajar! Lihat juga pembahasan soal lain dikolom pencarian.

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel